Aki-aki = lalaki nu geus kolot pisan
Baleg tampele = mangkat beger, wani di tukangeun, ari di hareupeun era keneh
Bijil bulu mayang = saharti jeung baleg tampele
Budak = anak jalma nu can baleg
Budak gumelo = budak nu can boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak keneh, kira-kira umur 2-4 taun
Budak kamalole = budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daek cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa...